Beranda > Selayang Pandang > CALUNG RÉNTÉNG

CALUNG RÉNTÉNG

CALUNG RÉNTÉNG

Anggy endrawan

Dokumentasi

Penyadapan Seni Buhun Ti Pakidulan

Jw production

2011

PANGJAJAP

Lamun ditengetan, kasenian di tatar sunda téh loba pisan, teu kaitung malahan mah loba kasenian anu geus tumpur, teu kapanggih bangke-bangkena acan, boh waditrana boh arsip-arsip rumpakana. Ngan saukur carita ti masarakat wé nu kakuping téh, bari jeung cek beja eta ge yen di lembur “anu” téh pernah aya kasenian ngarana “anu”, kasenian “anu” téh biasana sok ditabeuh lamun aya acara “anu”.

Cik atuh lamun ngabogaan rasa mah kahayang téh urang sunda nu apal mah rawatan, urut-urutna atuh di rawatan téh, meh bisa aya picaritaeun ka anak incu engke lamun urang geus kolot. Ieu mah ari seni deungeun-deungeun dikojayan ari seni pituin anu urang sorangan dihare-harekeun, malahan nepika tilemna eta kasenian, angger wé euwéuh nu paduli.

Tah tinu pola pamikiran eta, simkuring saparakanca anu dikokolotan ku Wa Samson, kageuingkeun pikeun ngamumule kasenian buhun nu bisa disebutkeun cikal bakalna kasenian di tatar sunda. Numawi kasenian ti pakidulan ieu téh kacutat dina naskah kuno Carita Parahyangan abad ka 7 sareng dina naskah Carita Waruga Guru abad ka 15 masehi.

Peta simkuring, ieu kasenian téh geus sakuduna asup dina daftar bale rumawat urang sunda, ku kituna simkuring sareng rengrengan barudak Sastra Sunda Entragan 2009, jauh dijugjug, anggang diteang ka cipatujah ngan saukur boga kahayang dumeh Calung Rénténg salaku kasenian buhun bisa tuluy diropea ku urang sunda, sajatina atuh lamun enya eta kasenian pibakaleun tumpur, sahenteuna simkuring saparakanca tiasa ngaarsipkeun titinggalanana.

Alhamdulillah nalika Penyadapan anu ka dua simkuring saparakanca tinekanan magelarkeun ieu kasenian dina raraga Gelar Budaya anu dilaksanakeun ku Fakkultas Sastra Program Studi Sastra Sunda. Ka pangersa Pupuhu prodi Sastra Sunda bapa Teddi Muhtadin, M. Hum anu tos ngarojong kana kagiatan penyadapan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketik kabingahan. Teu hilap deui ka Bapa Samson Jaya Winata, S.Sos anu tos ngbingbing prosesi penyadapan, ngahaturkeun pangbagea anu saageueng-ageungna.

Pangjejer

2011

Kasang tukang

    1. Calung Rénténg

Harita, nalika simkuring saparakanca lunta ka daerah pakidulan, tepung jeung kokolot di daerah Cipatujah. Cindekna mah di Desa Sindang Kerta Kec. Cipatujah Kab. Tasikmalaya. Mimitina mah lain ngahaja rek ngobrolkeun ngeunaan kasang tukang Calung Rénténg, malahan mah ngobrol nage teu di imah-imah acan, taya lian mun ngawangkong nu paling merenah nya ngawangkong di Saung Ranggon bari ngadu bako jeung Cikopi. Kieu pok na Mang Awa Awangga (kasepuhan di daerah dinya) – ari mimitina mah ieu waditra téh lain ngahaja dijieun, tapi ngan saukur bati tina pangangguran nalika Budak Angon nungguan keur ngangon Munding, cape gawé teu kapake antukna sakaparan-paran der wé sakur anu aya dihareupeun liliwatan manehanana nya di tebasansarupaning ki pasum, kimunding, kihujan, jaringao, awi, geus puguh ari jujukutan jeung jukut eurih mah da ngahalangan pisan jajalaneun, dibabad kabeh.

Sabot nungguan munding keur arulin, eta si Budak Angon téh nyacagan awi, kitu jeung kitu wé gawé unggal poe na téh, sakaparan-paran da puguh ari hate mah loba kahayang, kabeneran pakarang ngangkeh dina cangkeng tapi kabisa euwéuh. Sakumna awi anu kapanggih kumanehna, teu wéleh dicacag, tur dialungkeun, cacag – alungkeun, cacag – alung, cacag – along, hantem wé kitu jeung kitu eta pagawéan si budak angon bari nungguan munding dalahar téh.

Hiji mangsa kasorang deui tempat pangangonan poe-poe katukang téh, katingali eta tempat nu biasa dipake reureuh ku manehna angger keneh wé balatak ku awi haur seah meunang pangangguran manehna kamari ieu, pabalatak teu paruguh rupa, abong kena meunang nyacagan kitu bae. Harita pisan eta Budak Angon, nalika manehna keur sideha bari ngagere ceuli ku bulu heulang sapotong, nya mireungeuh sora leleokan mani halimpu. Bakating ku panasaran kana eta sora, panasaran ku haying nyaho, naha timana jeung sora naon sabenerna mani seug bisa halimpu kitu?? Ari gok téh kasampak geuning eta sora nu ngeleketek kana angen téh sihoreng sora awi anu meunang nyacagan manehna basa mangkukna, ari pangna bisa disada, eta awi téh katebak angin. Atuh tuluy wé eta awi téh dirawatan tur disusunkeun ku si budak angon. Geus disusun tuluy ditakolan hiji-hiji, geuningan eta awi téh nyorana beda-beda, antukna eta si awi téh ditalian ku areuy geureung (lamun ayeuna mah tali tinu rotan) nu kabeneran nyampak digigireun manehna. Mimiti awi nu pangpanjangna tuluy nu rada pondok terus nepika nu pang pondokna, nya aya 7 awi, 7 umpakan, 7 susun, lamun dijingjing ngaRénténg ka handap kawas reRénténg 7 umpakan.

Tisaprak harita, si budak angon téh asa manggih cocooan, pikirna mah tamba nganggur nungguan munding barang dahar, mening nyo_o awi meunang nalian tea pedah ditakol aya soraan bari sorana téh beda-beda. Itung-itung hiburan keur ngahibur maneh wé cenah, sabot ngaso. Kitu jeung kitu wé pagawéan budak angon sapopoe natéh, sabot ngangon mamawa awi bari ditakolan. Ari sora apal, ngan laras teu nyaho, hate gede kahayang tapi lisan hanteu kedal antukna nakolan awi bari ngahariring, beuki lila, beuki ngeunah wé kana hate eta pagawéan téh, atuh munding seubeuh nyatu nya hate bungah meunang hiburan.

Lilakalilaan, aya jalmi liwat ka jajalaneun nya hawar-hawar kadangu ngabetrikna sora awi nu ditakol, asa nyolokan kanu hate atuh halimpuna sora hariring, mapaesan kabungah hate anu mireungeuhkeuna. Hawar-hawar ti kaanggangan kadangu ku nu keur ngahuma “asa ngareunah…” pok natéh, ma’lum alam harita mah can aya hiburan kawar jaman kiwari, estuning jempling taya pisan nu bisa dijieun pangangguran. Boro-boro hape, mobil atawa tipi, dalah kanu radio ge biheung teuing, malahan kasenian nu kasebutna kasenian cianjuran ge biheung teuing ayana. Bakating ku panasaran, eta anu keur ngahuma ngahaja manggihan budak angon keur anteng nakolan awi bari ngahariring sindir sampir nyindiran munding nu rewog pisan kana nyatu. “na eta anu ditakolan téh jang ? bari jeung aya hariringna sagala asa rada merenah kanu ceulina euy…” tidinya si budak angon téh bingung, jero pikirna, ieu awi bati tina pangangguran, cape gawé teu kapake antukna sakaparan-paran. Teu ngahaja meunang nyieun malahan mah teu pira awi meunang nyacag tur dialungkeun. Urang sunda tea jago pisan kana basa kirata n amah, dikira-kira tapi nyata, pok wé si budak angon téh ngomong CALUNG, dicacag dialungkeun atuh nakol nage apanan dipancal dialing-alung nya katelah wé nepika kiwari yen etaawi anu ditakolan téh ngarana CALUNG. Ari pangna aya ngaran CALUNG RÉNTÉNG mah pedah si awi meunang nyacag tur dialungkeun téh dikumpulkeun deui disusun 7 umpagan tur ditalian, nalianana diRénténgkeun jadi wé nelah CALUNG RÉNTÉNG.

    1. Suling

Masih keneh budak angon anu manggihan waditra nu disebut suling téh. Harita nalika si Budak Angon keur ngangon mundingna, pirajeunan manehna sok katarajang ku rasa tunggara, rasa nalangsa atuh kadang-kadang mah sok ka euntreupan ku rasa aral. Aya kasebutna geuningan yen budak tukang ngangon téh sok diadumaniskeun jeung parabot kasenian nu ngarana suling, tah ari mulana carita mah kieu;

Budak angon ngangon munding bari mamawa awi, nya awina saleunjeur tapi nu leutik meujeuhna, kabeneran awina awi tamiang, leutik, ipis jeung rada liat. Sabot manehna reureuh nyusur-nyusur ngagiring munding make awi pirajeunan ngalamun bari nyebitan awi paragi ngagiringkeun munding make bedog sapotong nu tuman nyangkeh dina cangkengna. Disebit, di bolongan tur ditiup pektéh aya soraan, liang anu luhur di mencosan terus ditalian make areuy geureung (rotan), palebah tonggongna dobolongan keur ngarobah nada lamun bolong eta dibuka atawa ditutup. Payus pisan bentukna mah kawas suling nu kiwari.

Tamba ngalamun, eta awi tamiang saruas nu meunang nyebit tur dibolongan opat téh dituipan, nya nyora. Lamun seug nu bolongna aya nu ditutupan ku ramo, sora nu kaluar beda-beda. Ayana bahasa SULING téh angger wé abong budak angon téh urang sunda, jadi wé hirupna jeung bahasa kirata, pedah harita manehna keur tunggara, poekeun pikir bari nungguan munding nyatu nya nyuling. NYUSUL-NYUSUL KEUR ELING. Estuning mapagahan diri pribadi sangkan teu katalanjuran dinu keur poekeun pikirna. Tah SULING téh bahasa kirata na nyusul keur eling. Antebna mah eta sora suling téh malibir rasa, ngararaba rasa anu tadina geus poekeun ku masalah haliah kadunyaan sangkan balik deui kanu kaayaan eling, eling kana diri, eling kana kaayaan atuh eling kagustina katut kana ciciptaanana anu aya dina alam sagir kitu oge alam kabir ciptaan gusti. Numatak kiwari, ngagelikna sora suling, leokna ulin handap dina suling nepika tirititna petit sakapeung sok maksa panon keur ngururkeun caina, teuing kumaha jeung teuing pedah naon sababna eta cimata beut ngajorojoy tapi da nu puguh mah rasa dina hate ngaharewos mangrupa sora suling kanu cepil nitah urang geura eling.

    1. Tarawangsa

Tarawangsa mah gumelar na ka alam dunya téh nalika rek ngalengkepan waditra calung Rénténg jeung suling nu geus aya. Kieu cindekna carita mah; Nalika budak angon narokan kai tur dirautan, maksud mah rek nyieun waditra keur ngalengkepan Calung jeung Suling na, si budak angon téh ngadeuheus heula kanu maha kawasa, nya turun mangsa cnah yen lamun rek jijieunan hiji parabot, kudu anggeus maksimal sapoe sapeuting, sukur-sukur lamun anggeus sapeuting. Nu puguhmah mitembeyan narokan kai golondongan téh ti ba’da magrib maleman jumaah kaliwon. Hantem wé eta kai téh dibentuk, ditarokan nepika ngabentuk aya beuteungan anu masagi, aya huluan jeung aya beuheungan. Nya geus ngabentuk kitu pas tengah peuting pisan si budak angon poekeun pikir antukna poekeun lengkah, kudu kumaha jeung kudu dikumahakeun sangkan ieu paradot bisa nyora tur bisa diadumaniskeun jeung calung katut suling??

Manehna ngahening can manggihan kereteg kudu dikumahakeun eta si parabot téh. Nya tengah peuting leuwih lima menit si budak angon téh ngadeuheus kanu maha kawasa, maksud mah sangkan dibere lungsur langsar dina nyieun parabot nu keur dikeureuyeuh harita. Ari beres ngadeuheus, lalaunan manehna tanggah ka jomantara bari nyekelan beuheung parabot di tepas saung ranggon, bray wé teu dinyana-nyana titingalian manehna téh asa caang narawangan kokolebatan cahaya di awang-awang, harita keneh manehna ujug-ujug boga kereteg keur ngaitkeun benang injuk kana parabot nu geus dijieun. Benang injuk dikaitkeun kana hulu parabot, tungtung nu hijina dikaitkeun kana beuteung parabot, didampalan ku inang nu bentukna kawas limas atawa kawas pyramid, napak kana beuteung parabot nu pasagi. Kabehna benang injuk téh aya dua benang, tuluy wé nyieun deui sababaraha benang injuk anu dikaitkeun ngabentuk gondewa. Tah nusiga gondewa guna na keur ngeset benang injuk nu dua, nu dipentrangkeun dina parabot tadi.

Geur jadi, geus aya soraan tapi ewéh ngaranan, ngahuleng deui tah si budak angon téh, na naon pibakaleun ngarana ieu parabot?? (hate manehna ngomong sorangan). Bray wé inget nalika manehna ngadeuheus, narawang kanu maha kawasa tanggah ka jomantara. Ujug-ujug manggih bahasa kirata tina tarawangan kanu maha kawasa/narawang kanu maha kawasa, dingaranan wé eta parabot téh TARAWANGSA da keur nyieuna harita manehna narawang kanu maha kawasa dipapag ku kolebatna cahaya ti jomantara, karek bisa rengse nyieun eta parabot. Cindekna TARAWANGSA mah parabot nu nyieuna meunang NARAWANG heula kanu maha kawa SA.

    1. Kacapi

Ari parabot kacapi mah nyieuna téh dibentuk juru 5, ambeh adu manis jeung calung anu diRénténgkeun 7 umpakan, dijieun wé kawatna 7 rupa meh akur nada na jeung sora calung nu 7 umpakan. Ari maksudna dijieun kacapi nya keur ngalelebah sora jang nu ngawih supaya aya patokan sora meh teu silung, malingpang jauh teu akur jeung sora waditra nu ditabeuh.

Ari istilah kacapi maksudna mah kirata tina bahasa “kecap diapi-api” maksudna mah eta kekecapan nu ngawih téh ngahaja diapi-api mangrupa sindir sampir keur ngahibur sajaba ti ngelingan kanu ngadangukeunana. Atuh guluyurna haleuang anu ngawih dipasieup ku sora jelentreng na hiji waditra juru lima tea meh bisa nuturkeun keur mairan lagu. Tah ngaran waditra nu juru lima téh nyaeta KACAPI, pedah eta waditra téh ngalelebah kecap anu dihaleuangkeun ku nu ngawih sangkan kecapna diapi-api.

  1. Siloka dina Calung Rénténg

Simkuring teu pati percaya kitu wae yen ieu calung téh miboga ajen siloka keur bacaeun urang anu ngadangukeun galindengna calung pon kitu deui keur golongan nu nabeuhna. Kuring tetelepek ka aki Saudi salaku pamirig nu pang sepuhna dina golongangrup Calung Rénténg Alas Jajar Karang. Kieu unina sasanggem aki Saudi ngeunaan siloka anu nyumput tina tiap waditra Calung Rénténg.

    1. Calung Rénténg

Ari calung Rénténg téh rupana awi anu ditalianana diRénténgkeun, 7 umpakan tapi nadana aya 5. Calung nu diRénténgkeumama aya 2, nyaeta Calung indung, jeung calung anak. Ari calung indung mah keur nganggeran patokan tah ari calung anak na mah keur sora mamanisna. Dikaitkeun dina tihang mangrupa kai. Ari simbulna calung anak jeung calung indung nyimbulkeun ten urang hirup di alam dunya téh papasangan, aya beurang aya peuting, aya lalaki aya awéwé, aya indung nya aya bapa. Aya kolot nya aya budak. Nu budak keneh sing inget kana kabudakanana, numatak sing bener lamun hirup téh, kudu inget ka indung da budak ge bakal jadi indung, cindek n amah bakal kolot. Atuh anu indung (nu kolot) sing inget kana kakolotanana, ulah rasa maneh hirup keneh jadi wé teu malire teu mapagahan kanu ngora, antukna paeheun obor dina widang kaelmuan, jadi mun boga pangabisa téh kudu diturunkeun meh aya nu neruskeunana.

Tah anu 7 umpakan téh beda-beda nada (beda-beda rupa sorana). Ari 7 rupa téh simbul tinu poe anu 7 nu kaalaman ku urang. Tah hirup urang dinu peo nu 7 téh kudu ngalagu meh ngeunaheun kadanguna, meh ngeunaheun hirupna. Atuh ari ditalianana ku areuy geureung (akar rotan) rara tilu maksudna dina enggoning ngalakonan hirup dinu poe anu 7, tisajaba urang kudu ngalagu, urang téh kudu bisa akur age jeung Agama, Nagara katut Masarakat. Tali rara 3 nu ngiket ruasan 7 awi téh maksud namah urang hirup kudu bisa ngalagu dina 7 peo tapi kudu akur laguna hirup urang dina 7 poe jeung agama, nagara katut masarakat, sabab simbulna diiket téh nyaeta ngahijikeun, akur jeung sakabehna.

Lamun manusa akur jeung kamanusaanana tur bener-bener ngalenyepan siloka calung nu bieu, pasti nagara téh subur makmur gemah ripah loh jinawi. Kitu sangem katerangan ngenaan siloka waditra Calung Rénténg nu kedal tina lisan pangersa Aki Saudi (85 taun) nalika simkuring tetelepek ngeunaan siloka dina Carlung Rénténg ieu.

    1. Suling

Lamun suling nu marengan Calung Rénténg, liangna aya 4, nada na aya 5. Ari maksud n amah balik deui kana diri urang, eta ruasan suling anu sabuku ngagambarkeun tangtungan diri manusa nudiciptakeun tinu 4 pangacian. Cai, api, angin jeung taneuh. Atuh lamun ceuk dinu agama mah dibarengan ku nafsu amarah, sawiah, laomah jeung muthmainnah. Tur diiket wé luhurna make sebitan rotan.

Ari 5 nada nu katangen nya siloka yen pangacian nu opat téh kasebutna sampurna lamun geus ngajadi manusa. Nya ngahijina dinu diri manusa anu hiji. Diiket luhurna sangkan merenah sorana, genaheun kadanguna. Nya urang ge lamun geus ngajadi hiji mah kudu inget kanu hiji.

    1. Tarawangsa

Ari tarawangsa mah nitah urang keur NARAWANG kanu Maha KAWASA. Cindekna seresetna sora tarawangsa nyontoan urang dina mangsa urang keur ngadeuheus, narawang kanu maha kawasa kudu make sora anu laun tur merenah, seseredetan kana hatena.

Neangan nada dina tarawangsa mah dilelebah ku rasa ngagerakeun ramo leungeun urang. Atuh dina enggoning urang ngalakonan pagawéan naon wae ge kudu dilelebah ku rasa, naha merenah atawa hanteuna keur nulian, sumawonan ari keur urang sorangan mah.

    1. Kacapi

Kacapi juruna aya 5, maksudna urang kudu inget kanu waktu anu 5. Ulah mopohokeun komo ngahara dipopohokeun mah, sabab eta kawajiban urang keur pitempateun urang jaga lamun mulang kanu boga urang. Ari kawatna anu 7 ngeling-ngeling ka urang yen hirup urang téh ngan saukur kukulibekan dina 7 poe, ti senin nepika minggu. Nu matak urang kudu tulaten jeung tarapti nandangan kahirupan urang kahareupna

Ngarana kacapi, pangeling-ngeling ka urang sangkan kekecapan urang téh kudu ati-ati, pinuh ku duduga peryoga, tarapti tur ati-ati dina kekecapan ka baturna. Ma’lum letah teu tulangan jadi cenah seukeutna bisa ngaleuwihan pedang. Kurang-kurangna taliti mah, kecap urang bisa ngaraheutan hate batur.

  1. Babalung Kahuripan Calung

Numutkeun katerangan tinu ngamumule tur ngabandungan kagirupan seni Calung Rénténg, kawit namah calung Rénténg téh mangrupa kalangenan, estuning ngan saukur hiburan papada jalma jaman harita. Ari pangna disebut hiburan téh da memang alam harita mah kasebutna nu jadi hiburan téh ngan saukur gunem catur ngawangkong bari nabeuh alat nu bisa ngahibur jalma rea. Ari hususna wilayah di Sesa Sindangkerta, kampong n amah kampong Cibogo nepi ka ayeuna ge ieu kasenian téh masih keneh dipake keur ngahibur papada baraya tatangga anu deukeut.

Kieu ari mula-mula n amah; Calung Rénténg mula n amah ngan saukur Calung na hungkul wé, aya calung indung jeung calung anak. Eta si calung téh mineng ditabeuh ku budak angon nalika nungguan pare huma nu keur meujeuhna keur koneng. Ari tujuan awal na mah, tamba teuing ngahuleng bari nungguan pare bisi keuna ku hama nya ngahibur maneh, bari nabeuh calung di saung Ranggon sisieun sawah huma tea. Sajaba ti kitu, cenah numutkeun kayakinan aranjeuna, salian ti ngahibur urang anu nungguan, sora calung jeung haleang nu ngawihna téh bisa ngahibur alam di sabudereunana, pokus n amah bisa ngahibur pare nu keur meumeujeuhna koneng.

Kapercantenan ieu kaalaman pisan ku masyarakat didinya yen nalika pare huma keur meumeujeuhna koneng tuluy unggal sore na ngayakeun hiburan di sisieun pare eta, beubeunangan na ge beda jeung pare nu teu dihibur ku calung, malahan lamun alus milik mah sok meunang duakali lipeteun tinu biasana.

Tah tidieu kanyahoan yen antawis papada mahluk ciptaan Gusti nu Maha Kawasa aya proses interaksi komunikasi. Numutkeun Elmu komunikasi mah nyebatkeun yen “antawis manusa sareng alam téh aya kamunikasi alamiah anu disebat elmu KOMUNIKOLOGI” Samson, (kuliah umum) janten aya hubungan timbal balik antawis urang sareng alam, lamun urang ngajenan alam, alam oge bakal ngajenan ka urang. Tah karuhun urang sunda mah ti baheula nage geus hirup make elmu KOMUNIKOLOGI, elmu nu nerangkeun proses komunikasi urang sareng alam. Padahal elmu eta nembe kapanggih ku bangsa deungeun di alam-alam kiwari, ari urang sunda geus make elmu eta ti abad ka 15 M.

Tina proses kalangenan tadi, pagelaran Calung Rénténg bihari ngajadi hiburan di masyarakat. Puguh da alam jaman harita mah tacan loba hiburan kawas jaman ayeuna. Lamun aya nu rek hajatan nyunatan atawa nikahkeuntéh sok aya paribasa kieu “dekah malem jumaah hareup mah rek ngawinkeun euy, wayahna barudak menta pang nyalungkeun yeuh” terus ditembal “na da dewék ge resep kanu hiburan mah, atur tinggal der wé”, “nam dewék keun wnu ngalokan na mah atuh keun wae pamajikan kuring nu ngahaleuang na, itung-itung pakaulan urang hibiran sarerea”. Jul jol papada hayang ngareuah-reuah puguh Calung téh ngan hiji-hijina hiburan rahayat alam harita anu papada resep atuh papada hayang milu aub.

Der wé biasa na mah ti mimiti ba’da isa nepi ka wanci carangcang tihang nabeuh Calung téh. Pada ngalokan, silih tembalan silih sindiran, suka bungah salelembur pinuh ku rasa gumbira. Sing saha wae anu nabeuh atawa anu ngaramekeun pagelaran Calung eta, harita mah, malahan nepi ka ayeuna oge teu pisan-pisan miharep imbalah buruh nabeuh, estuning iklas rido ngan saukur milu hiburan, atuh hususna ngahibur diri jauhna mah ngaramekeun anu hajat, itung-itung silaturahmi sasada tatangga anu deukeut.

Biasana runtuyan pagelaran Calung Rénténg téh dibagi 3 bagian, nyaeta

  1. Sanduk-sanduk Bubuka
  2. Eusi, biasana mangrupa sindir sampir
  3. Sanduk-sanduk Panutup

Eta runtuyan ti mimiti sanduk-sanduk nepi ka panutup téh dibawakeun ku rupa-rupa lagu, antawisna judul lagu sapertos Sardeni, Ayun Ambing, panimang jrrd. Biasana lagu anu jadi dadangueun cepil mah lagu Ayun Ambing, kaluarna lagu eta lamun geus nyedek kana wanci tereh jam 2 peuting dihaleuangkeun na téh. Teu kurang jalma nu carinakdak ngadangukeun lagu ieu mah, atuh pan beres babalagonjakan hareureuy kadang heureuy na cawokah tur ditutup ku lagu ayun ambing nu netelakeun papisahan, asa pak seblak, nineung kanu kagumbiraan nu kaalaman dinu enyay-enyayna rumpaka keur guyon. Ieu salah sawios conto rumpaka nu ngawih dina Calung Rénténg. :

SARDENI

Euleung-euleung Kang Sardeni

Satu tanda kutang renda

Kutang beureum pangnyalurkeun

Satu tanda Engkang bade bela

Hutang peuyeum pangnaurkeun

Nangka pendek leubeut buah

Dieunteupan cangkurileung

Bujang pendek rempes unggah

Pikeun abdi neundeun tineung

Meulak kitri dikotakan

Kade kacokel matana

Mun istri angkat-angkatan

Kade lali ti mukena

PASIR WARU

Peso raut peso cukur

Di pake ngereutan lentah

Kudu anut kudu akur

Sing tumut ka Pamarentah

Cau lumut dina batu

Aya kuya di muara

Masing tumut kana waktu

Di dunya urang ngumara

Nyieun korang hoe walat

Pikeun wadah kini-kini

Urang kudu daek solat

Pikeun ngabela jasmani

PANGANKIRAN

Saninten suung saninten

Saninten di parapatan

Hapunten abdi hapunten

Sadaya kalepatan

Di basisir seueur layur

Di candak ku nu dibuat

Pikir abdi keur tagiwur

Sok asa-asa kasuat

Cai herang di kopian

Komo lamun jeung rotina

Patepang na pangimpian

Komo lamun jeung buktina

PANYAIRAN

Nyeuseuh kaos dina sumur

Dipoena lemeta

Sanaos satutup umur

Moal wéléh mikacinta

Geura jung geura ka dapur

Pangmukakeun panto pawon

Geura jung geura ka batur

Da abdi jelema awon

Caringin carang daunna

Hiber kabawa ku angin

Abdi ngiring ka anjeunna

Sok inggis teu tepang deui

CUKANG PASIR

Torélang manuk torélang

Manuk haur lalakina

Toélan geura toélan

Meumpeung jauh salakina

Kapunkur katuncar hideung

Iraha katapang deui

Kapungkur paturai tineung

Patepang deui ayeuna

Kasinta beger keur moyan

Eunteup kana lajar-lajar

Sakitu hatur lumayan

Abdi mah nembé diajar

PENGKOLAN BOJONG

Samping hideung baju hideung

Karémbong batik kanaya

Samping nginjeum baju nginjeum

Karémbong gableg dimana

Sok waas jaman di Tasik

Meuli saté di péngkolan

Sok waas jaman di tampik

Nyeri haté sosongkolan

Kapungkur abdi di Tasik

Ayeuna di Indihiang

Kapungkur abdi di tampik

Ayeuna mah mikahayang

PALID KORANG

Beunteur beureum bodas beuteung

Parai naék ka tampian

Anu heubeul geura piceun

Abdi daék ngagantian

Hoé walat hoé kasungka

Cangkarak teu di kejokeun

Maén mata-mata

Samaruk teu diténjokeun

Héjo beureum di keukeupeul

Di dahar jeung kupat koja

Hareupeun ti bageur-bageur

Tukangeun ngupat ngadoja

LUTUNG LUNCAT

Mulung limus ka Galunggung

Sapoé meunang salawé

Samar tulus kanu jangkung

Sapoé teu puguh gawé

Sari kaya kembang laja

Kembang bonténg na tangkalna

Di kakaya di sangsara

Nu goréng mah nabeuh calung ti bieu-bieu ngan kieu rasana

Ulah sok ngabotol limun

Engké gé bulan puasa

Ulah sok getol ngalamun

Jaga gé moal ku sasaha

AEH-AEH

Hayu batur urang katanjung

Ka tanjung ka pasar ikan

Hayu batur urang ngaalantur

Ngalantur nyirnakeun badan

Paré sesek parémadé

Ngala turiang ka kolong

Boro kasep boro hadé

Di téang pesakna kosong

Dadap cungkring dina gawir

Ngajajar paantai-antai

Ti peuting teu ngeunah cicing

Gara-gara rék paturai

Samping hideung dina bilik

Kumaha nuturkeunnana

Abdi nineng kaanu balik

Kumaha nuturkeunnana

Suling luhur pangawuran

Laukan sepat jeung nileum

Sanés saur pangangguran

Sakecap ka dua kalem

Pucuk tiwu akar bangban

Amis panon dina susukan

Mun rék milu geura dandan

Cipanon geura susutan

Singapur perang jeung Jepang

Kapal cai tiburalik

Duit lapur awak begang

Si Nyai teu kapimilik

Meulak seureuh teu di kenca

Moro lutung ka astana

Moal wéléh mikacinta

Satungtung tacan laksana

Undur-undur dina batu

Kamarang di sidurukeun

Batan mundur kalah maju

Kapalang di timburukeun

Sapanjang jalan soréang

Moal wéléh di aspalan

Kaahayang tacan kasorang

Moal wéléh di akalan

Ari bentuk namah sisindiran, mung salah sawios kaunikanana rumpaka Calung Rénténg nyaeta rumpaka na teu ngahaja dijieun heula, estuning replek meunang nyieun harita keneh sabot anu kapikir harita, nya pok wé di haleuangkeun, asal meneran dina pelebah surupna sora jeung payusna irama nalika ngangkat sora.

Kategori:Selayang Pandang
  1. Belum ada komentar.
  1. No trackbacks yet.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: